Oleh: bahalit | 5 November 2010

Kalangkang

Laras : pelog

Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu deudeuhna
Kanyaah nu wening bersih
Satia jadi kakasih

Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu leahna
Pameunteu marahmay manis
Sok isin kaambung damis

Rambut panjang nu ngarumbay
Disangkeh panangan nyampay
Lalaunan raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh

Luhur pasir tepung geugeut
Perlambang asih nu masket
Kabagjaan nu duaan…
nu duaan

Hanjakal…hanjakal teuing
Endah ngan ukur kalangkang
Harepan…harepan diri
Sing nyanding jeung kanyataan


Kategori

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.