Liwung
25 Juli 2009
Teu nyangka kabina-bina kuring ngalaman hirup nu sarupa kieu. Mun dibawa aral mah matak cilaka, ngan hadena we kuring masih boga pamikiran nu jejeg sangkan teu kabawa ku hawa napsu. Teu rek aral kumaha hirup ngandelkeun tidinya kari-kari aya jurang panghalang keur pikahareupeun. Remen kuring ngalaman nu saperti kitu, tapi ari kitu-kitu teuing mah asa teu kaharti ku akal manusa ku nu berpikiran jernih…teu kasawang tianggalna, hese beleke neangan keur kahirupan, geus nyampak sanajan jauh ti cukup keur ukuran kuring mah, ayeuna kudu eureun alatan nedunan kahayang aturan..beu….rek kamana kuring nya lampah, kudu kasaha kuring balaka, kudu kumaha nya peta… keur ngigelan jaman nu beuki dieu beuki pabaliut. Ngan untungna teu lila ti harita, hawar-hawar aya beja cenah bisa ngamuara lamun kuring bisa leumpang sisi jurang nedunan kahayangna. Cenah wayahna kuayana kitu teh alatan ngudag aturan. Enya memang kaharti kupikir, kahontal kuakal kukituna mah, meureun tuntutan jaman tidituna mah. Saprak tidinya kuring ngarasa bungah, emprak nu aya surak mah era, ngan ngadu’a teh mugi-mugi naon anu di janjikeun bener ayana teu nyimpang tina weweton sakumaha nu diharepkeun ku kuring ayeuna. Kuring nganuhunkeun mugi Gusti Nu Maha Suci ngabales kana kamurahan atina. Amin…